Friday, May 11, 2012

Lembur Panineungan

TANGKOLO LEMBUR PANINEUNGAN 
Lampah Buru gancang nepi Kiwari nu datang rasa 
Dina bagja mangsa aya Kade susah tumarima 
Lamun enya seja tafakur Huripna hirup teu manggih tungtung,
 Mangka hade …..
 Sing inget kana purwadaksi Baheula urang ngajanji..

Palatar nu jadi saksi…
Tuh tingali dulur nu di lembur Anu satia neang cai 
 Dina mangsa molah nu kahiji Cijolang nu meungkeut ati.
 Kamana lumpatna anjeun Cihanjaro tetep ngabukti
 Ku ayana rangrang nu ngajadi sangkan bisa naheur cai.
 Saluhur naen pangkat anjeun Tuh tingali…… 
Moal tiasa ngaruntuhkeun ayana gunung pataka 
 Anu jadi pamageuh puseurna lembur nu dipikacinta,
 Buktosna lembur tangkolo
 Bral…….ku anjeun sakabeh dulur…..
 Hayu….sing emut kana panineungan, anu ngajadi kana jati diri…..! 
 Ti mimiti ayeuna, lamun henteu ku urang bade kusaha deui
Anu tiasa ngarahayukeun lembur Tangkolo.
 Di lembur di pangumbaraan Urang sadaya kabeh oge dulur Dulur anu sa lemah cai…... 
Suryadillaga Putra

No comments:

Post a Comment